Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Komariah, ”da kapan euweuh kajadian naon-naon."

 Beuki dipikiran kalah beuki teu kaharti: Kacida panasaraneunana, hayang geura nanyakeun ka Maman.

 "Ah engke bae ari geus salse rek ditanyakeun,” cek dina ingetanana, ”jeung ongkoh kang Mamanna ge ayeuna mah angkat ka kantor.”

 Sabada sasarap, Enden Komariah unjukan ka ibuna, rek nganjang ka sobatna di Cimahi.

 Poe eta Maman teu ka kantor, lantaran pohara ngarasa lungsena, sirah rarieut, lalanjung teu puguh rarasaan. Nya kitu deui Sukardi henteu digawe; pukul 8 manehna dangdan tuluy ngadeuheus ka juragan Wadana Pansiun.

 "Naha geuning teu ka kantor Cep ?” cek juragan Pansiun istri, “pere ?”

 ”Henteu,” tembalna.

 Sukardi nyelang heula nelepon ka dununganana di kantor, nyaritakeun teu bisa digawe lantaran aya hal nu penting.

 “Aya perlu naon ?” cek juragan Pansiun.

 Kalawan tatag, derekdek Sukardi nyaritakeun pamanggihna peuting tadi tea.

 Sajongjongan mah ibu-rama Enden Komariah tingharuleng bae teu lemek teu nyarek. Aya percaya aya henteu kana omongan Sukardi teh.

 "Di mana ayeuna Maman ?” cek juragan Pansiun istri.

 ”Henteu ngantor ?”

 ”Henteu.”

 “Lamun bener carita Cecep bieu,” cek juragan Pansiun, “tangtu pisan emang moal ngantep, hartina Maman ku emang baris ditibanan hukuman anu satimbang jeung dosana. Tapi tangtu bae Maman kudu didenge heula kateranganana. Kumaha Cecep sapuk upama ayeuna Maman dicelukan ka dieu ?”

 ”Mangga,” tembal Sukardi bangun ludeung.

 Juragan Pansiun mencet bel sarta teu kungsi lila si Abdul datang.

 ”Agan Maman ka dieu kituh ceuk dewek, gancang !

66