Ieu kaca geus divalidasi
”Ari enggeus rek naon atuh ?”
Maman ngahuleng.
”Sarebu kali maneh nyebutkeun lain rek maksud jahat, tapi teu hayang mercaya. Naon perluna peuting-peuting asup ka kamar budak awewe, ari lain maksud goreng mah.”
”Geus bae entong loba teuing bacot,” cek juragan Pansiun istri, ”jor bae ka ditu geura mantog, aing geus teu hayang neuleu rupa sia, sebel !”
Jung Maman nangtung, Sanggeus pamitan leos manehna ka papilyun rek beberes. Papakeanana dikana-koperkeun, nya kitu deui buku-buku kabeh diberesan. Tapi ku lantaran beurat mawana, henteu tulus dibawa buku mah.
Leos Maman indit, ngajingjing koper. Leumpangna nuturkeun indung suku bae. Sajeroning leumpang teh cipanonna teu petot-petot merebey.
69