"Henteu bi, kuring, yakin, kang Maman teu bogaeun dosa."
"Upami yaktos kitu, naon margina atuh anu mawi ditundung, da piraku ditundung teu pupuguh onaman, kapan rama sareng ibu teh sakitu nyaaheunama ka Gan Maman."
"Bi........ kumaha atuh bi, karunya teuing ku kang Maman." cek Enden Komariah bari inghak-inghakan, "meureun leumpangna teh sakaparan-paran pae da puguh geus teu bogaeun indung bapa, henteu kadang henteu warga. Leuheung upama henteu cul kana pagawean mah tangtu gampang didongdonna, kumaha upama leumpang kalunta-lunta .........."
Nenjo anu keur sumegruk ceurik dina lahunanana jeung ngadenge omonganana anu sakitu melas-melisna, bi Aminah nyurucud cipanonna.
Ku bi Aminah kajudi, pang Enden Komariah sakitu sediheunana ditinggalkeun ku Maman teh, tangtu geus pakait pikir anu geus dipageuhan ku duriat.
"Bi, cing hayu kuring anteur urang nyusul kang Maman."
"Aduh Enden, teu sanggem teuing bibi mah; poma ulah kagungan emutan kitu, sing nyaah ka salira, sing hawatos ka ibu-rama. Upami kitu onaman Gan Maman teh parantos dumuk tempatna, mangga bibi ngiringan nyusul. Kapan ieu mah teu tangtos, boa urang mah nyusul ka wetan, Gan Maman mah ngulon........"
"Enya, tapi bi, kuring mah teu sanggup papisah jeung kang Maman......"
"Wayahna bae Enden, wayahna, da adatna di dunya mah tempat bagentosna kasukaan sareng kadukaan. Moal suka salamina, moal duka salamina. Anu mawi upami urang kenging kadukaan teh teu kedah dianggo alit manah, da tangtos bakal kagentos ku kabingahan. Enden oge kantenan tingali, di dunya mah teu aya hiji kaayaan anu angger. Dina keur papendak sareng dodoja tea, landongna teu aya deui mung kedah sabar tawekal."
"Puguh kaharti bi, tapi kuring mah teu kaduga ditinggalkeun ku kang Maman .........."