"Henteu tiasa maido ari dina kituna mah, da bibi oge parantos ngalakonan. Namung kumaha atuh, sanaos sungkan paturay oge, da Gan Maman parantos angkat. Ku margi kitu, nya kedah sabar tea bae ayeuna mah, da teu mustahil isuk jaganing pageto tiasa ditepangkeun deui."
"Enya, na ku naon atuh bi, kang Maman teh make ditundung ?" cek Enden Komariah bari cengkat. "Moal salah deui dipitenahkeun ku kang Sukardi."
"Ulah Enden, ulah sok enggal sungku-sangka, nyangka awon ka nu teu acan kantenan dosana. Geuning cek santri mah dosa ageung sungku-sangka teh."
"Enya, tapi engke bakal kabuktian, yen ieu teh panggawe kang Sukardi," Enden Komariah nyusutan cipanon ku tungtung baju.
"Sanes leres-lepatna anu dianggo patokan teh, nanging nyangkana," tembal bi Aminah. "Mending oge kieu emutan bibi mah : taroskeun bae ka ibu atanapi ka rama, engke tangtos uninga kalayan leres, naon margina nu mawi Gan Maman ditundung.
Parantos bae entong dianggo manah teuing, anggursi do’akeun Gan Maman sangkan papendak sareng karahayuan."
"Puguh bi ari dido’akeunana mah, moal aya sekon anu kaliwat tangtu kuring salawasna neda-neda ka Nu Kawasa, sangkan kang Maman ginanjar kasalametan, tapi ......... kawasna ari geus kieu mah saeutik pisan pangharepan kana bisa papanggih deui teh."
"Ari panteng bae palayna patepang teh, yakin bibi mah tangtos tiasa kalaksanakeun, kapan murah Gusti Allah mah."
"Bi, kumaha boa kuring teh geus kieu mah ........."
"Eta Enden mah sok pondok pangharepan."
"Da eta bi geus kaerong, kawasna moal bisa hirup lugina upama teu jeung kang Maman mah ........."
"Ulah kagungan emutan kitu Enden, sing nyaah kana salira, da Enden teh anom keneh, masih ageng pangharepan. Geura bae ku Enden manahan, upami teu ayana Gan Maman ku Enden dianggo nguluwut, upami nguluwut tea mah, tasa jadi Enden