teu damang. Upami kitu, kantenan pisan cita-cita Enden palay sasarengan sareng Gan Maman teh moal tiasa tinekanan. Boa teuing sajeroning angkat teh Gan Maman mah ihtiar sangkan cita-citana kalaksanakeun.
Cindekna, emutan bibi mah nu bodo, ulah dianggo alit manah, anggursi do'akeun, mudah-mudahan Gan Maman ditangtayungan ku Nu Kawasa."
Lila pisan garunem-caturna di dapur teh, bari dihantem dilelemu ku bi Aminah, nya lila-lila mah katembong rada berag oge.
Enden Komariah anteng pisan ngadengekeun carita bi Aminah teh, lantaran pohara ngareusina. Teu sangka, koki anu bodo balilu, urang kampung manyang-munyung, bet alus jeujeuhanana, rea pulunganeunana.
Pasosore, sabada mandi, leos Enden Komariah nepungan ibu-ramana.
"Nguping wartos ti bi Aminah, Maman di .......... ditundung ku apa, yaktos pa?"
"Enya," tembal ramana.
"Ku naon margina, asa ku dadak-dadakan teuing?"
Derekdek ku ramana diterangkeun ti awal nepi ka ahirna, teu aya nu kalarung.
Enden Komariah ngaheruk bae meunang sajongjongan mah. Teu lila pok ngomong kieu: "Teu sangka ku yi Maman, bet ngabudi ucing ........" Padahal ari dina jero hatena mah kieu: "Emh karunya teuing ku kang Maman, cilaka ku kasalahan aing. Aing anu salah, tapi kang Maman anu nanggung papaitna. Deudeuh teuing ........ "
"Nyeta atuh," cek ibuna, "paingan aya basa anak merak kukuncungan, uyah mah tara tees ka luhur, da bapana pamaenan palacuran, nurun ka anakna."
Eta omongan ibuna nyeletit kadengena ku Enden Komariah.