Dina eta rasa anyar tea, gumulung rasa nyaah, rasa asih, rasa deudeuh ka salira Enden. Boa nya rasa ieu pisan anu disebat rasa cinta teh, hiji cinta anu suci, anu medalna suwung tina perbawana napsu.
Ti ngawitan tepang dugi ka danget ieu, eta rasa anyar teh wuwuh nguntab-nguntab bae tumuwuhna dina sanubari pun engkang.
Enden, sihoreng eta teh "pamurwaning asih," cinta sajati anu suci.
Nya ieu pisan anu maksa ka engkang supados unjukan ka Enden teh. Mugi Enden teu jadi bendu.
Sakieu bae Enden, engkang teu tiasa nyerat paos, jalaran repot ku padamelan sareng ongkoh bilih bosen maosna.
Mugi ieu serat ditampi sareng diantos waleranana.
Iraha bade angkat deui ka Bandung, bilih palay sinjang anu marodel kintunan kamari ti Solo.
pun engkang,
TATA.
"Mas Tata ........ " Enden Komariah ngomong dina jero hatena, "beunghar, .......... kasep Mas Tata teh. Lamun aing ka manehna, geus moal boa senangna teh. Tapi ..... ah, teu bogoh. Jeung ongkoh karunya ka Maman, nyerieun temen hatena upama nyahoeun yen aing kawin ka nu sejen."
Katilu poena kakara eta surat diwalonan, kieu ungelna :