Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
Kahatur ka payunan
juragan Tata,
di Pasar Baru.
 


   Sareng hormat,

 Serat pasihan katampi, nuhun.

 Namung nembe tiasa ngawaleran ayeuna, hapunten bae, repot.

 Nyanggakeun agung-agung bebendu, sarehna abdi ngawaler serat pasihan teh tiasa jadi henteu raos kadanguna, jalaran dina danget ayeuna mah teu acan tiasa nampi kana pamundut teh, duka ka payun mah.

 Dupi margina di dieu ku abdi moal disanggemkeun.

 Jadi, ku jalaran kitu, utami pisan juragan milari deui bae istri sanes, margi abdi mah rupina lami keneh pisan kana ngalamun laki-rabi teh.

 Namung tobat juragan, sanes pisan nampik abdi teh, sareng juragan ulah kagungan raos ditampik, ku abdi mung ku jalaran aya pambengan tea bae, sakumaha anu parantos kapiunjuk.

 Teu aya sanes mung supados jadi tingali.

Sembah baktos abdi
pun KOMARIAH.
 


 Sanggeus diamplopan jeung diadresan tuluy bae diasupkeun kana koropak, henteu dipihapekeun ka Neng Kurnia.

 Eta surat tangtu bae nimbulkeun katugenahan anu lain lumayan ka Mas Tata. Ku tina ambek-ambekna lantaran ditampik, katurug-turug geus karoroncodan anu lain saeutik, nepi ka susumbar kieu: "Moal tibra hate lamun acan kasorang !"

78