XI WANGKONGAN RASIAH
Hiji poe pasosore keur waktu bi Aminah ngareureuh di dapur, jol si Abdul nyampeurkeun.
“Enggeus anggeus popolahna ?” omongna ka bi Aminah.
Anggeus ..........”
”Mun liar atuh ari pagawean geus beres mah.”
”Liar ka mana ?”
”Ka mana wae sing aya kabudayan."
”Ah, ulin mah kudu boga duit, kudu make papakean nu alus, da era make nu kieu mah.”
"Ke atuh dagoan ari hayang papakean nu alus mah,” cek si Abdul bari lumpat ka luar. Teu lila geus kurunyung deui mawa bungkusan.
"Naon eta teh Dul ?”
”Coba wae kadinyah buka,” tembalna bari diasongkeun kana deukeut bi Aminah.
"Barang dibuka teh ku bi Aminah, bet ...... .... encit pibajueun jeung samping lereng banyumas.
"Keur saha ieu teh Dul ?” cek bi Aminah bangun nu heran.
"Keur saha deui atuh ?”
”Keur pipamajikaneun ?”
"Enya,” tembalna bari nyerengeh seuri.
"Atoheun temen dipangmeulikeun samping sakieu alusna. Ku bisa barangbeuli teh Dul.”
”Aminah bogoh ?”
”Komo wae bogoh mah.”
”Kumaha bajuna bogoh ?”
"Bogoh bajuna ge. Sampingna kieu, bajuna kieu, puguh bae surup mah. Teu sangka bisa nyusurupna. Sabaraha ieu teh dibeulina ?”
”Sampingna tilu ringgit, bajuna tujuh talen.
”Rea duitna nya.”
Si Abdul teu ngajawab, ngan nyerengeh bae seuri.
”Ari keur Abdul mana ?”