Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

"Itu di pangkeng."

"Meuli naon sarupa-rupana?"

"Pibajueun jeung samping samarenda."

"Teu nyana rea duitna. Paingan aya basa duit mah tara kongkorongok."

"Naha kumaha kitu?"

"Atuh da saha nu nyangka Abdul rea duitna. Tapi lain ngahina, Dul."

Si Abdul seuri dipuji rea duit teh, sarta tuluy manehna ngodok udud tina sakuna. Duit dina sakuna dikorocokkeun, mani ngorocok.

"Coba etah mani ngorocok kitu, rea keneh Dul?"

"Aya we meureun lima welas perak deui mah."

"Ti mana Dul boga duit?"

"Ti mana wae, da jelema hirup mah kapan dibarengan ku milikna."

"Iraha rek kawin?" cek bi Aminah bari seuri.

"Saha nu rek kawin?"

"Ari ieu samping jeung pibajueun lain baweaun kawin?"

"Lain."

"Keur saha atuh?"

"Keur .......... keur Aminah!"

"Ah, sok ngabibita."

"Samarukna teh keur saha kitu?" tembalna bari nyerengeh.

Bi Aminah ngajebian.

"Har ituh, make jeba-jebi na marukan heureuy?"

"Kiamat alam dunya teh, mun Abdul .........." Acan tamat ngomongna geus ditempas deui: "Ya Allah, make teu percaya. Ampihan kadinyah!"

"Engke lanan, gampang ngampihan mah .........."

"Pek atuh ampihan."

"Diampihan tea kudu puguh aturanana. Ari etaeun teh Abdul mah bet kawas ka nu loba duit bae. Jeung barina ge samping kieu baju kieu mah di juragan Istri surupna teh. Teu pantes kuring mah make nu kieu."

80