"Ah embung kuring mah, moal, moal milu, sieun kaasup kana paribasa moro julang ngaleupaskeun peusing. Mun kitu onaman geus aya buktina, duka teuing .........."
"Ari eta ?" si Abdul nunjuk kana samping.
"Puguh ari eta mah ; tapi Abdul ayeuna masih keneh digawe di dieu, hartina acan prak migawe pagawean anyar tea, mangkaning ari pangasilanana mah geus aya. Rada baliwet kuring mah.
Si Abdul ngahuleng, kawas aya nu keur dipikiran.
"Matak naon mun dicaritakeun sanajan rasiah oge, kawas ka nu lian bae Abdul mah," cek bi Aminah bari ngadilak.
"Atuh engke ge dibejakeun."
"Bawa deui bae atuh eta samping teh !"
"Naha ?"
"Bawa wae !"
"Naha nyangka beunang teu puguh ?"
"Ah, lain kitu .......... teu resep bae ari teu dibawa brukbrak mah!"
"Heug atuh ari hayang nyaho mah, tapi poma ulah rea carita ka nu sejen."
"Na kuring teh budak ?"
"Tapi kudu jangji heula, yen daek di.......... kawin." omongna bari seuri koneng.
"Pok-pok wae kadinyah, bet kawas ka budak leutik."
Si Abdul ngised deui diukna, pok ngomong gegerenyeman. Bi Aminah jongjon bae ngadengekeun.
Barang geus tamat ngomong, pok bi Aminah ngomong kieu: "Tah ku kituna kuring mah nu matak tara gancang-gancang kabongbroy ku nu obroy-obroy teh. Kumaha lamun teu laksana kahayangna, meureunan dipenta deui duit anu geus dibikeun ka Abdul teh."
"Moal, ditanggung, moal nepi ka dipenta deui, da basana ge mere, ngan lamun hasil, jangjina tea bakal jadi hiji jalan pikeun kasenangan urang duaan. Anu matak kuring menta dibantuan ku Aminah."
"Taya halangan ari mangnepikeun mah, ngan teu nanggung