Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kana hasilna. Ari ieu mah samping ampihan bae heula, gampang engke mah ari geus hasil. Diteundeun di dieu mah bisi kapendak ku Enden Komariah atawa ku juragan Istri.”

”Kitu hade,” tembalna bari mungkus deui samping tea. Jung manehna nangtung, tuluy ka luar bari ngomong kieu : ”Nya kitu tea bae eta mah nya !”

Pukul 10 peuting si Abdul ka luar ti kamarna. Tuluy ka tukangeun dapur beulah kulon, kalacat mancal kana pager, Sanggeus aya di luareun pakarangan gura-giru ka jalan gede, maju ngulon. Barang nepi ka hareupeun hiji gedong anu pernahna antara Ambachtschool[1] jeung simpangan alun-alun, reg manehna eureun. Terus mengkol ka jalan leutik gigireun eta gedong beulah kenca, kuliwed mengkol ka pakarangan dapur.

”Saha eta ?” cek hiji lalaki ti tepas tukang.

”Abdi,” tembal si Abdul.

”Abdul ?”

”Sumuhun.”

”Ka dieu.”

Si Abdul nyampeurkeun.

”Kumaha, kumaha, aya beja naon ?”

Hanjakal teu kadenge, naon anú dicaritakeun ku si Abdul teh, lantaran nyaritana pohara launna.

”Tah,” Cek lalaki anu di tepas teh, ”aya jalan ayeuna mah euy. Ke atuh dagoan sakeudeung nya !” Ngomong kitu teh barí ngaleos ka jero.

Urang caturkeun heula nu di jero. Bus manehna ka kamar tulis, gek diuk dina korsi nyanghareupan mesin tulis. Terektek, terektek ngetik. Sanggeus anggeus jung dibawa ka adina nu harita keur kucas-kecos ngarenda di pangkengna.

”Na,” cenah, ”pangnandakeun heula ieu surat.”

Nu keur ngarenda teh cengkat: ”Kumaha kang ?”

”Ieu pangnandakeun heula surat.”

”Serat naon ? Model, engkang nu bade nyeratan, abdi nu kedah nandana.”

”Ah, sok rea carita, tanda bae kadinyah, naon hesena nanda.”

”Engke atuh da kedah kahartos heula, serat naon ieu teh ?”
————

  1. Sekolah Pertukangan
83