tembalna bari nampanan eta surat ti lanceukna.
Sanggeus dibaca, pok nanya kieu: "Teu kahartos, kumaha maksad engkang teh?"
“Nya eta kitu.”
“Jadi bade .......” ngomongna teu kebat, ngan mencrong bae ka lanceukna.
Lanceukna unggeuk bari imut.
"Pek atuh tanda bae kadinyah, rek dianteurkeun ayeuna.”
Nu dibawa nyarita ngahuleng bae meunang sajongjongan mah, teu lila pok ngajawab kieu: “Ah alim ari kitu jalanna mah........”
“Alim ? Teu nyaah Nana ka lanceuk ?”
“Nyaah, saha nu teu nyaah ka dulur sorangan, mung teu panuju upami engkang bade kikituan mah. Piraku abdi kedah nganteur kana kalakuan engkang anu awon .....”
“Lain kitu, engkang rek nanya, nyaah ka engkang, nyaah ka ditu ?”
“Engkang teu kedah mariksa kitu, tadi ge sanggem abdi saha nu teu nyaah ka dulur sorangan, nanging engkang ulah lali, ieu maksad engkang teh teu kinten awonna; upami ku engkang dilampahkeun tangtos awal ahir aya wawalesna.”
“Jadi Nana teh keukeuh moal daek nanda ?"
“Alim !" tembalna bari gigideung.
Lanceukna muncereng, pok ngomong kieu: “Moal nurut ? Tah peulpen!" bari lung ngalungkeun peulpen ka hareupeun adina. “Hayoh tanda, naon hesena nanda !"
Ku lantaran nyahoeun kana tabe'at lanceukna, upama karepna teu diturut teh sok pikasalempangeun, tret bae surat teh ditanda.
“Nanging engkang, upami aya monyet hideungna, ulah mamawa ka abdi ........."
Lanceukna teu ngajawab, jung bae nangtung bari mawa surat tea.
Si Abdul geus keplak deui-keplak deui nepakan reungit anu nyarongcongan kana sukuna.