Ieu kaca geus divalidasi
“Ku lila !” manehna gegelendeng, “naon heula cenah ! Nyana-nyana arek disiksa kieu mah najis teuing ka dieu !”
“Naon Dul?” cek pribumi, norojol ka luar.
“Ieu ......... reungit.”
“Na atuh lain di dieu didagoanana di tepas.”
“Teu sawios .....” “ Heh ieu Dul, isuk nya sanggakeun isuk-isuk.”
“Mangga.”
“Aeh kumaha samping teh enggeus dibikeun ka pamajikan ?”
“Parantos.”
“Bogoheun ?”
“Kantenan. Mani sirikna teu gugulingan bae bawaning ku atoheun.”
“Sukur atuh ari bogoheun mah.”
“Sakieu bae ?”
“Heueuh. Kade poho nya !”
“Moal,” tembalna, bari jung indit.
85