Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

”Heueuh sadaya-daya, da beuteung mah moal seubeuheun ku sadaya-daya ! Jeung na maneh teh bet tara-tara ti sasari ! Kajeun teuing aing onaman, itu bae Enden rek amengan, meureun moal kaburu tuang heula.”

Bi Aminah teu ngajawab, gek bae cingogo deui, ngahurung keun seuneu. Juragan Istri ka luar bari gegelendeng, teu lila bi Aminah oge ka luar, tuluy asup ka pangkengna. Teu talangke deui rap bi Aminah dangdan. Sanggeus dangdan gesat-gesut ka luar, belenyeng ka lawang, mengkol ka kaler, leumpangna mani titatarajong.

Heuleut satengah jam ti sajungna bi Aminah minggat, juragan Istri ka dapur deui.

”Aminah ! Aminah !

Jempe. Ditempo ka pangkengna, ngan aya papakean bututna bae nambru dina dipan.

”Ka mana eta mangkeluk teh, palangsiang minggat ? Abdul ! Abdul ka dieu siah !”

Si Abdul lumpat nyampeurkeun.

”Ka mana si Aminah ?”

“Duka .....”

”Piraku make teu nyaho ?”

”Bieu mah aya di dapur.”

”Sugan, ka mana leosna ?”

”Duka, teu katingal .........."

”Ah, bangkawarah, minggat meureun tah jelema teh, sapedah tadi ku aing dicarekan. Teu sangka, ......... kitu-kitu bae !”

”Sumuhun,” tembal si Abdul bari ngaheruk.

”Dasar cacah, benerna mah mun bebeja, da moal teu diidinan, ari geus teu betah mah !” Maneh wae Abdul mirun seuneu kadinyah, ke ku aing dibantuan.” Leos anjeunna nepangan carogena nyarioskeun bi Aminah minggat.

”Dasar awak aing mah sisit kadal,” si Abdul ngomong sorangan bari ngasur-ngasur suluh.

91