Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pupunden dunya aherat, rek dijieun panutan lahir batin, tapi Komariah nolak. Make jalan anu matak salamet jeung matak senang ka Komariah, Komariah teu nurut ; tah kitu sababna anu matak ayeuna engkang make jalan anu sarupa kieu ..........”

 ”Kumaha bieu saur engkang, abdi nampik ? Iraha ?”

 "Ah, entong muter-muter carita," tembal Mas Tata, "engkang ngarti, Komariah rek ngagunakeun akal peucang, sangkan lesot tina leungeun engkang. Ku sabab eta leuwih hade ayeuna mah pasrah bae."

 "Pasrah kumaha ?"

"Kudu nurut kana kahayang engkang !" ngomongna kitu teh bari ngarangkul ka Enden Komariah.

 “Lah, na asa gagarampang-teuing ! Kakara teuing manggih lalaki cunihin teu uyahan dibeakkeun ku sorangan !” tembal Enden Komariah bari ngarangsang. ”Pendekna, kajeun nemahan pati jeung nepi ka beunang digadabah mah !”

 Enden Komariah ditongtak.

 ”Eh, eh, na teu gableg teuing kekenyos, make rek puksa-paksa ka nu teu suka !”

 Tapi .........., sanajan sakumaha adug-aduganana oge, da puguh tanaga awewe, ngalawan tanaga lalaki anu sakitu buta tulang buta dagingna, nya teu bisa walakaya.

 Enden Komariah ngarasa, yen moal pibisaeun ngabela dirina, anu matak anjogna mah pasrah bae, narimakeun milik- dirina kadar-awakna. Cipanonna teu kendat merebey bijil.

 Urang tunda heula Enden Komariah anu keur pendak jeung katunggaraan, urang selang heula nyaritakeun lalampahan bi Aminah.

 Ti Parapatan manehna leumpang ka setatsion, nanyakeun pukul sabaraha barangkatna kareta anu ka Purwakarta. Ku lantaran kudu ngadagoan aya jamna, clak bae kana oplet. Sanajan ongkosna ngan mahi sajalaneun, teu dipikir panjang, ingetanana kumaha engke bae balikna mah.

 Kontrakan Maswati nu dijugjug ku bi Aminah teh !

 Supir jeung kenek oplet nu ditumpakan ku bi Aminah

93