Bi Aminah nyelenteng nyampeurkeun ka Enden Komariah anu keur ngalempreh dina dipan bari inghak-inghakan ceurik. Dirawu bari dihudangkeun, sarta segruk bae manehna oge .......... ceurik.
Mandor nu nganteur tea ngan bengong bae nu aya.
"Bi ............," cek Enden Komariah, "meh bae bi, kuring cilaka .........."
"Henteu dikitu-kieu ?" cek bi Aminah.
"Henteu .........."
"Nuhun atuh."
"Sareng saha bibi ka dieu?"
"Bibi bae sorangan."
"Ari itu saha?"
"Nu nganteur ti dinya ti pabrik."
Mandor tea nyampeurkeun bari pok ngomong: "Ke, teu ngartos abdi mah, saha ieu teh, sareng saha lalaki nu tadi lumpat ka tukang teh ?"
Ku bi Aminah diwawab kalawan ringkes, maksudna: pang manehna datang ka kontrak teh saestuna mah rek nyusul Neng Komariah anu geus dilejokeun ku lalaki nu tadi lumpat tea. Ditungtungan ku panuhun supaya eta kajadian ulah rek digeruhkeun. Mandor jangji yen moal carita.
"Enden," cek bi Aminah, "mangga atuh ulah lami-lami di dieu bilih kumaha onam."
Enden Komariah nangtung bari menerekeun sampingna.
"Mangga atuh Enden," ceuk bi Aminah bari ngaleng ka Enden Komariah.
Clak kana oplet.
Mandor nu nganteur tea lain ngan dinuhunkeun bae ku bi Aminah, ku Enden Komariah deuih dikepeluan duit saperak. Atuh teu kira-kira bae atohieunana.
"Tong gancang teuing ayeuna mah pir," cek bi Aminah ka supir.
"Bi .......... cing pok terangkeun, teu ngarti kuring mah ......"
"Engke Enden, engke di bumi, sing sabar atuh."