Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kareuwas jeung kasedih Enden Komariah kasilir ku kabungahan pacampur jeung kaheranan. Bungahna, lantaran lesot tina balai gede, ku sabab ditulungan ku bi Aminah; ari heranna lantaran teu sangka jeung teu ngarti ku lampah bi Aminah anu bela tumutur ka anjeunna.

"Ti mana bi Aminah nyahoeunana, yen aing indit ka Maswati? Iraha nyusulna, ongkoh tadi waktu aing indit manehna keur masak di dapur? Ti mana nyahoeunana, yen aing bakal pinanggih jeung bahya, sedeng aing sorangan teu nyaho? Jeung naha lamun geus nyahoeun mah, yen aing bakal pinanggih jeung kacilakaan, bet henteu ngabegjaan ti anggalna, ieu mah kawas nu ngahaja ditungguan kana datangna bahya anu bakal tumiba ka aing tea. Coba lamun ngabegjaan mah, meureun aing moal indit ka Maswati."

Tah kitu pertanyaan-pertanyaan anu medal tina sanubari Enden Komariah.

"Bi, cik pok terangkeun bae atuh !" Enden Komariah ngaharewos ka bi Aminah.

"Sabar eulis, sabar. Piraku eulis teu uninga, yen ka-teu-sabaran teh sok nungtun oge kana kacilakaan."

Enden Komariah seuri koneng.

Perjalanan ti Maswati ka Cimahi karasana ku Enden Komariah mah pohara lilana.

Barang geus nepi ka Parapatan, bi Aminah ngaharewos ka Enden Komariah: "Panuhun bibi mah kajadian tadi teh entong disaurkeun ka ibu sareng ka rama."

Enden Komariah teu ngajawab, da emutan anjeunna mah sanajan kumaha-kumaha oge kabela bi Aminah teh rek diunjukeun ka ibu-ramana, da lain kalakuan goreng, jeung ongkoh sugan bae bi Aminah meunang ganjaran ti ibu-ramana, anu sakira pantes dipake males budi kana kabelana tea.

Ku lantaran bi Aminah siga nu ngadago-dago jawaban, pok bae diwangsul kieu: "Kahadean bibi wajib ku kuring diunjukeun ka ibu jeung ka apa !"

"Teu langkung Enden atuh."

96