1. AUB PAYUNG, SABET SAPON, SABA-SOBA
Hartina: nuduhkeun wawatesan (wewengkon).
Si Kilam isuk-isuk ka kebon sejana rek ngored, barang ngareret kana deukeut tangkal cau bet aya peti wadah papakean geus muka.
Si Kilam geuwat lapor ka Lurah, barang datang tuluy ngomong pokna, "Nun juragan, di kebon kuring ayeuna aya peti barang geus muka, duka nu saha”.
Lurah, ”Heueuh tadi aya si Jait lapor yen manehna kapalingan, ayeuna aya di kebon maneh, boa aya nu ngewaeun ka maneh, tuluy miceun geugeuleuh”.
Kilam, ”Nya eta, nu mawi kuring geuwat unjukan teh, bisi kumaha onam kawantu aya dina aub payung kuring”.
2. ADAM LALI TAPEL
Hartina : henteu inget ka baraya; (jelema geus poho ka lemah caina sorangan poho ka bali geusan ngajadi, nya eta nu geus teu inget ka baraya).
Di lembur Cikeusik, meh dicicingan ku sadulur-dulurna Ujang Uned bae, nya aya hiji-hijieun nu lain barayana.
Dina hiji mangsa Ujang Uned dagang ka Singaparna, di dinya Ujang Uned meunang kangeunahan, tuluy boga bojo sarta Ujang henteu niat balik deui ka Cikeusik, hiji perkara geus teu boga indung bapa, kadua loba kauntungan , katilu loba sobat-sobat, kaopat betah, jadi Ujang Uned geus teu inget ka baraya sorangan, malah geus asa jadi asal urang dinya bae, sakalieun dianjangan oge ku barayana tara pati diaku nu sakitu jauhna teh.
Paman Ungka baraya pamajikanana, nanya ka Ujang Uned