Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pokna, "Ujang! ari Ujang ti mana asal?"

Uned, "Asal kuring jauh ti Cikeusik".

Paman Ungka, "Boga keneh ibu rama?"

Uned, "Teu gaduh indung bapa mah, ngan dulur-dulur paman sareng bibi aya keneh, malah sawah kebon oge aya keneh titinggal pun bapa, tapi tina kuring di dieu, leuwih senang leuwih betah, jadi kuring geus teu inget saeutik-eutik acan ka lembur jeung ka baraya teh”.

Paman Ungka, "Hih Ujang ulah kitu, kudu bae sataun sakali mah teang (bere) baraya teh, lamun kitu Ujang asup kana paribasa adam lali tapel.

Atawa:

Atam boga pendok emas ditawarkeun ka sobatna nu ngaran Ujang Usen, pokna,” Ujang moal ngagaleuh pendok?”

Wangsulna, ”Lah puguh hayang pisan kana pendok teh, lamun dipasihkeun Rp,50,— mah dipeser bae”.

Atam, ”Duka teuing nya rek dipikir-pikir bae”.

Usen, ”Hih Tam, poma ulah dikabaturkeun, da kuring hayang, masih sakieu-sakieu oge ari ka deungeun-deungeun mah pantes.”

Isukna jol bae aya urang Surabaya nenjoan pendok, tuluy ditawar bae Rp.55,—, ku sabab aya unggulna Rp.5 — tina panawar sobatna, tuluy bae dibikeun”.

Pasosore Ujang Usen nanyakeun bari mawa duit, tapi geus lapur.

Ceuk Usen, ”Edas bae Atam mah nya iklas ka sobat, pedah diunggulan. Lamun sarupakitu mah adam lali tapel”.

3. AYA BAGJA TEU DAULAT

Hartina : nu rek meunang untung teu tulus.

8