Pasosore kira pukul satengah genep Asep Tadim indit ti imahna bari mawa heurap, ari karepna rek nempo di Cikapundung barang datang ka sisi walungan, kabeneran aya lauk mas gede kokolembaran; Asep gancang ngarungkup, sanggeus lauk gede karungkup, tuluy diturunan sarta pek digogo, lauk geus kacekel tuluy ditangkeup, barang rek hanjat lauk teh ngagurinjal heurapna bedah tuluy leupas.
Asep harendegeun pisan narik napas panjang, sajongjongan mah cicing bae sisi cai, ari rek ngayuman heurapna, da teu mawa naon-naon.
Ti dinya tuluy balik, bebeja ka dulurna pokna, "Lah kang naha aya handeueul, bieu kuring meunang lauk gede, geus ditatangkeup, naha ari rek hanjat bet ngagurinjal, heurapna bedah, atuh lauk teh lapur deui bae".
Ceuk dulurna, "Hih hanjakal aya bagja teu daulat".
4. AYA JALAN KOMO MEUNTAS
Hartina : keurkarep hade atawa goreng manggih lantaran.
Amad geus dua taun mumusuhan jeung Eben, Ahmad nu kacida ngewaeunana ka Eben, maksudna lamun Eben acan cilaka acan puas atina, tapi dihantem diputer kasalahanana, weleh henteu aya nu baris nyilakakeun ka Eben.
Dina hiji mangsa Eben wanci magrib, manggih saputangan sutra ti jalan, tuluy dicokot karepna isuk-isuk rek diuarkeun (disalabarkeun), sihoreng eta teh sapu tangan Amad, barang Amad ngadenge beja yen sapu tanganana dibawa ku Eben, geuwat manehna indit nyampeurkeun Eben, barang datang ka imahna, tetela sapu tanganana aya, tuluy Eben dicarekan, dibabangsat dituduh maling.
Wangsul Eben, "Lain dipaling, kaula nimu ti jalan".
Amad, "Naha atuh teu disalabarkeun lamun teu rek dipaling