Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mah”.

 Eben, “Eta oge rek disalabarkeun isuk, da ayeuna geus peuting".

 Amad keukeuh nuding maling sarta rek dilaporkeun ka lurah.

 Ceuk ua Eben, "Keun bae Eben, keun sina dawa, ku aing dilawan, kapan geus dua taun ngewaeunana ka sia teh, Si Amad mah aya jalan komo meuntas”.

 Atawa :

 Endi ngaguligah bae pikirna, tina sabab manehna meunang warisan sawah ngan dua bau, ari mistina mah opat bau, nya eta dilicikan ku lanceukna Ki Dipa, ari rek nanyakeun teu wani.

 Unggal-unggal Endi datang ka Ki Dipa, sok dipupujuhkeun ku kahakanan, carita nu sejen-sejen, nu paranjang, nu diarah supaya ulah ngagetrik-getrik kana nyaritakeun sawah.

 Dina hiji peuting Endi datang ka Dipa, tapi nya kitu bae euweuh jalanna baris ngomongkeun eta sawah, tina bisana Ki Dipa.

 Sabot Ki Dipa nyarita, jol aya haji tatamu, barang datang pada ngabageakeun pokna, "Haturan! haturan!"

 Wangsulna haji, "Nuhun! nuhun"; barang reret ka Endi pokna, “Aeh Endi geus lila, jeung kumaha sawah teh geus beres?”

 Wangsulna, “Lah nya eta puguh kuring teh asa dijalanan, pang ka dieu oge bade nguruskeun eta, sukur pisan ayeuna aya emang nyuhunkeun diberesan, karana saenyana kuring teh, teu umum ngan kabagean dua bau, mistina opat bau”.

 Ki Dipa molotot bari ngomong, "Geus ah montong ngomongkeun eta isuk deui; Si eta mah aya jalan komo meuntas",

5. ANJING NGAGOGOGAN KALONG

 Hartina : mikahayang ka nu lain layak (mikahayang nu moal kalakon).

10