Jumbar, “Ih nyai ulah kaget, kapan urang teh kudu bisa nyukakeun ka batur, saperti amprok jeung palika, urang kudu malika, da moal resepeun dibawa nyarita dagang mah, da kudu kitu bisa lolondokan ambeh akur”.
7. BUNTUT KASIRAN (NGEUPEUL)
Hartina : Koret.
Ua Sajiah jelema cukup, tapi koret kacida, lamun dianjangan ku baraya-barayana, tara pisan nyuguhan sumawonna mekelan.
Kitu deui ana nganjang ka dulurna sok digembrong ku anak-anak dulurna, karepna barudak sugan bae dibere duit ku ua Sajiah, tapi luput ka barudak tara pisan inget, sumawonna lamun ka dulurna nu cukup, najan ka barayana anu miskin oge tara pisan mere.
Hiji budak nu ngaran Anip ngomong ka indungna pokna, "Ma, naha ari ua sakitu beungharna, bet tara mere naon-naon ka kuring, da ari ti nu sejen mah, nya sok inget bae wates sasen mah".
Indung, "Hih ujang montong sok hayang dibere ku ua maneh, sumawonna ka maneh, ema oge sakitu dulurna saumur hirup acan ngarasa dibere naon-naon, da jelema "ngeupeul (buntut kasiran)".
8. BALUNG KULIT, KOTOK MEUTING
Hartina : urut kanyeri baheula teu leungit = (kanyenyerian).
Simin jeung Kaman pada sili ilikan badi, sarta pada boga akuan badina alus.
Ceuk Simin, "Ieu badi dewek asal ti Karuhun, gawena kana kasalametan".
Carek Kaman, "Ari dewek mah lain, asalna ti urang Jawa, ga-