wena kana kinasihan, geura hayu urang paalus-alus, pamorna oge moal eleh ku nu silaing”.
Tuluy pada dicabut, ari ceuk Simin, "Wah moal eleh ku nu silaing nu silaing mah semu besem."
Omong Kaman, "Mana besem, puguh nu silaing kotor tai hiangna oge wani geus kandel, cara cocolek tarasi bae".
Simin ret baeud sarta tuluy indit, Kaman oge indit bari seuseurian.
Ti harita Simin malang bae hatena tina nyeri ati badina disebut cocolek tarasi, mindeng oge papanggih jeung Kaman, tara daekeun nanya.
Barang geus 4 - 5 bulan pareng deui amprok Simin jeung Kaman, tuluy ku Kaman ditanya pokna, "Simin! naha silaing unggal-unggal papanggih ngan goreng budi bae ku naon, pedah eta bareto disebutkeun cocolek tarasi, atuh banyol bae, ieu mah bet jadi balung kulit kotok meuting".
9. BISI KACANIR BANGBAN
Hartina : bisi nyorang wiwirang gede (bisi nyorang balai gede).
Uman urang Rongga, moheng bae ka bapana menta duit sapuluh ringgit, sabab manehna rek leumpang ka Cirebon.
Carek bapana, "Keur naon maneh mawa duit rea-rea, mawa saringgit atawa dua ringgit oge cukup, kapan rek badarat".
Uman, "Hih bapa lain keur barang beuli atawa dipake monyah-monyah, ngan keur paneger hate bae bisi kapelesed, nya eta ari picilakaeun tea teu kanyahoan, kumaha lamun kuring di jalan meupeuskeun wadah batur nu aya hargaan, atawa bisi kuring gering di jalan, ari mawa duit mah aya nu baris nulungan kana diri, tapi henteu diniatan mah, kuring rek meupeuskeun wadah batur atawa hayang gering, ieu mah ngan bisi kacanir bangban bae".