Atawa :
Ceuk Nyi Nuri ka salakina, "Akang, kuring rek neang ema bejana gering, cing kadieu menta duit dua puluh rupia mah.
Ceuk salakina, "Keur naon mawa duit loba-loba, pirakadar neang nu gering".
Nyi Nuri, "Hih kang, lain rek dibikeun ka indung, ieu mah perjagaan bae kawantu kolot teu boga, kumaha lamun maot, sarta euweuh petakeunneun, lamun kuring teu mawa, dikamanakeun beungeut kuring, ieu mah ngan bisi kacanir bangban bae".
10. BUBU NGAWAREGAN COCOK
(NGEUPEUL NGAHUAPAN MANEH)
Hartina : mapatahan nu kalawan pangarah.
Bapa Sandi jadi paguron, hiji poe ngawuruk santrina, ngaran Nyi Duli anak nu beunghar, pokna, "Nyai bapa ngingetan hartikeun ku nyai: ari hajat naon-naon kudu nu hade atawa nu alus sakali, ambeh katarima ku nu dihajatan, ari hajatna mah ka saha bae, da ngaranna oge hajat, tapi utamana mah ka guru".
Isukna Nyi Duli bebeja ka bapana nyaritakeun saur guru, carek bapana bari seuri, "Hih nyai guru nu kitu mah salawasna sok bubu ngawaregancocok atawa ngeupeul ngahuapan maneh".
11. BONTENG NGALAWAN KADU
Hartina : nu nangtukeun moal meunang.
Baca dina buku pieunteungeun No. 7 kaca 11, Embe lalaki jeung sapi lalaki.
Embe palatat polotot samemeh tiwas, ari geus tiwas ngalehleh.