Embe minangka bontengna sapi minangka kaduna.
12. JADI MAUNG MALANG
Hartina : jadi halangan.
Ki Amit jeung Nyi Emot geus heubeul laki rabina; hiji mangsa manehna pepegatan, tina lantaran henteu cukup sandang pangan.
Lila-lila Nyi Emot rek lakian deui ka tukang barang, tapi unggal-unggal tukang barang nganjang ka Nyi Emot, sok nyampak Ki Amit, malah Ki Amit ngakalakeun ka tukang barang tea.
Ku sabab tukang barang dikakalakeun, tuluy ngabedokeun bae ka Nyi Emot.
Geus kitu datang deui Katir, nu rek ngawin ka Nyi Emot, sarta geus nangtukeun poena.
Barang kadenge ku Ki Amit, tuluy manehna ka Katir ngomongkeun Nyi Emot yen geus diruju deui, jeung saha nu wani ngawin, bakal cilaka diarah.
Jadi ayeuna Katir oge henteu wanieun tuluy ngabedokeun deui bae.
Cek indung Nyi Emot, ”Ki Amit! naha maneh kitu kalakuan, atuh ari beurat keneh ka anak ema, naha bareto diserahkeun, ieu mah jadi maung malang bae, meugeus ulah kitu".
13. JABUNG TUMALAPUNG, SABDA
TUMAPALANG
Hartina : jelema nu teu nyaho urusan sok megat kalimah, (megat omongan batur).
Hakim mariksa ka nu kapalingan teh, ”Wira! eta peuting harita aya semah saha ka maneh?”