Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Wangsulna, "Sumuhun teu aya".

Hakim, "Wayah kumaha eta kanyahoanana barang maneh dipaling?"

Bapa Jarmi nu nganteur Wira, nambalang bae unjukan ka Hakim pokna, "Nun juragan, gamparan kapungkur bade midamel kenap ayeuna parantos, pamugi, jisim abdi, geura miwarangan candak bae bisi aya nu maling, cara ieu pun Wira nun".

Hakim molotot ka Bapa Jarmi bari ngomong, "Bapa Jarmi, maneh geura mantog montong aya di dieu, hayoh upas tundung sina balik".

Tuluy Bapa Jarmi ku upas ditundung, pokna: ”Hayoh geura indit, atuh meureun bae menak keur sasauran, ieu tetelepek nanyakeun kenap, jelema teu nyaho urusan, jabung tumalapung, sabdatumapalang".

14. JANGET KINA TELON

Hartina: turunan hade atawa goreng ti indung ti bapa.

Haji Lohor boga kuda adu teuing ku meunangan, ngaranna si Paser, unggal diadukeun tara pisan eleh.

Dina hiji poe datang sobatna pansiun Wadana, pokna, "Ki Haji ti mana ieu boga kuda lengser teuing, bet unggal-unggal diadukeun tara pisan eleh”.

Haji, "Anak bibit bae".

Pansiun, "Nu mana indungna?"

Haji, "Pun Srikandi".

Pansiun, "Anu meunangan tea?"

Haji, "Sumuhun".

Pansiun, "Ari bapana nu mana?"

Haji, "Pun Polet, anu dijval ka Jaya tea, nu beureum".

Pansiun, ’Euleuh, atuh paingan, kapan si Polet oge kuda

16