nomer satu, jadi ieu mah kuda teh janget kina telon turunan alus ti indung ti bapa”.
15. JAMAN CACING DUA SADUIT
Hartina : waktu nu geus heubeul pisan.
Nyimas Nurmi nanya ka ibu Haer pokna, "Ibu, kapungkur Kagungan cupu, wadah minyak lambe, manawi ibu rido manah, mah, bade dipeser bae ku jisim Kuring, da anu jisim kuring aya nu maling, sareng kirang sae".
Ibu Haer, "Alah karunya teuing ku si nyai, atuh anu ibu mah geus heubeul euweuhna, ari alus enya, ngan hanjakal geus dijual da ibu butuh".
Nyimas Nurmi, "Atuh punten ibu keun bae ari parantos digingsirkeun mah".
Ibu, "Mangga atuh nyai ulah pundung, wah baheula dikaluarkeunana oge alam cacing dua saduit".
16. JAUH KA BEDUG, CARANG KA
DAYEUH
Hartina : jelema dusun henteu nyaho di enggon adat.
Si Asmad urang Jampang, lemburna sisi gunung, maksa ka indung bapana hayang nyaho di dayeuh, tuluy indit, barang datang ka dayeuh, cicing di hiji menak, lamun si Asmad disaur ku juraganana, ”Asmad! Asmad!”
Wangsulna, "Hah!” atawa "ieu!"
Menak, "Asmad! mawa cangkir nu beresih".
Wangsulna, "Heug"
Teu lila datang mawa cacangkir tacan diseka, tuluy diasongkeun bari nangtung.