Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Menak, "Naha sia mawa cangkir kotor (acan diseka)?"

Asmad, "Naha kudu diseka, da di lembur kula mah tara-tara acan dikumbah".

Menak suka manahna, boga bujang dusun tuluy gumujeng bari sasauran.

Saurna, "Hih si dusun si urang gunung, si jaba si urang jampang, di dieu mah, wawadahan kudu diseka, papakean kudu beresih, ngoimongkeun naon-naon kanu jadi juragan, ulah nangtung kudu deku, disaur ulah ua-ieu, ulah huh-hah, hag-heug, da kudu sumangga kitu, jeung lamun dititah ku aing, ulah sok make, engke heula!atawa embung! nya?"

Wangsulna, "Heug"

Menak, "Tah geus heug deui bae, si jauh ka bedug carang ka dayeuh", bari gumujeng.

17. DOGONG-DOGONG TULAK CAU, GEUS GEDE
DITUAR BATUR

Babakuna dipake ka awewe nu masih leutik keneh, sok diarah atawa dikantanankeun, di mana geus gede rek dikawin, ku manehna dihemanan dikiriman rejeki, tapi ari geus gede dikawin ku nu sejen.

Hartina : nu karugian, nu kitu disebut dina paribasa dogong-dogong tulak cau geus gede dituar batur,

Si Unggeu sok mindeng nyaba ka Ambu Neon, sabab Ami Neon boga anak awewe geulis ngaranna Nyi Meme, pikiranana si Unggeu, di mana geus gede eta budak rek dikawin, unggal-unggal poe sok dilongokan, dikiriman baju atawa duit jeung kahakanan.

Dina hiji mangsa si Unggeu nyaba ka Solo meunang dua bulan.

Sabot manehna aya di Solo, datang hiji bujang nanyaan

18