Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Nyi Meme, barang ditanya budak teh daekeun, tuluy bae ku Ambu Neon dikawinkeun, sarta teu sabaraha lilana tuluy dibawa ka lembur salakina.

Barang si Unggeu datang ti Solo, ragog jelema nu bebeja pokna, "Wah Unggeu, Nyi Meme lapur geus aya nu ngawin, jadi maneh mah dogong-dogong tulak cau, geus gede Gituar batur”.

18. DEUKEUT-DEUKEUT ANAK TALEUS

Hartina : enya oge deukeut teu nyaho, atawa nyindiran tewok, sabab anak teleus ngaranna tewok, ngagewok teu kanyahoan.

Nyi Umsi jeung. Mursiin imahna ngarendeng, tapi tara lindeuk tina teu nyaho yen eta barayana.

Dina hiji poe, datang Pa Murji nganjang ka Mursiin sabab kapernah alo, sanggeusna tuluy indit pokna : "Emang rek balik, tapi rek ka dinya heula ka Nyi Umsi, ieu imah nu ngarendeng".

Ceuk Mursiin, "Naha emang wawuh ka Nyi Umsi?"

Wangsulna, "Kapan alo, sarua bae jeung ka maneh, lamun maneh teu nyaho Nyi Umsi teh anak ua maneh, Nyi Sarikem".

Marsiin, ’"Aeh-aeh kutan baraya, atuh deukeut-deukeut anak taleus".

Atawa :

Ki Deon urang lembur Pasirjambu, imahna deukeut Lurah, nyaba ka pasar baru, di dinya papanggih jeung Suma pada urang lembur Pasirjambu keneh, ari ceuk Deon, "Bade angkat ka mana?"

Wangsulna, "Bade ka dieu bae ka pasar".

Deon, "Ti mana nya tuang bumi?"

Suma, "Tilembur Pasirjambu tukangeun Lurah".

Deon, "Aeh! aeh! deukeut-deukeut anak

19