taleus kapan kuring oge urang dinya deukeut Lurah".
19. JEGJEG CEKER
Hartina : cape ku lantaran ujag-ajig.
Arpin bujangna Lurah Pasar, getol pisan lamun dititah tara ngaengkekeun deui, unggal-unggal poe meh taya reureuhna, dititah ka mamana teh.
Hiji poe Arpin dititah ngangkatan batu ti kebon kaburuan, geus kitu dititah ka panday ngomean bedog, ti dinya dititah deui, nyiar kenteng, barang geus meunang, juraganana nyarekan, sabab Arpin meunang kenteng sarosopan, ditenjo batu di kebon henteu anggeus kabeh, dititah ngomean bedog henteu panuju, carek juraganana, "Arpin ari sia dititah ku aing bet kabeh euweuh nu panuju, kalahka jegjeg ceker bae".
Arpin cicing henteu nembal.
Atawa :
Ceuk Si Apen ka baturna, "Ah euy, bulan hareup mah dewek rek kaluar bae, cicing di dieu oge cumah tara katarima kalah ka jegjeg ceker bae".
Atawa :
Dina waktu kariaan Juragan Demang, anu pangkamanahna ngaran si Damen, sabab manehna pangripuhna, nya eta dititah ngondangan, dititah meuli daging ka pasar, dititah ngumbahan piring, ngurus, beberes paparabotan.
Barang lekasan saur Juragan Demang ka rayina, "Nyai si Damen pangmerekeun baju potongan, sabab katenjona pang jegjeg cekerna".
20. DAEK MACOK, EMBUNG DIPACOK
Hartina: daek menta embung dipenta (daek dibere