Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

embung mere).

Si Kumba licik, lamun manehna ulin sarta mawa kahakanan, tara pisan daek barang bere ka batur, tapi lamun baturna ulin mawa kahakanan, manehna sok keukeuh menta, lamun teu dibere sok ngakalakeun ka baturna nu teu mere tea.

Hiji poe si Udig ulin jeung si Kumba, pada mawa kahakanan diarasupkeun kana pesakna, si Udig mawa. kacang tanah, ari si Kumba mawa cau mas hiji, mimiti si Udig ngodog kacang ditungtut dihakanan, barang katenjo ku si Kumba tuluy ngasongkeun leungeunna pokna, "Cing aing menta".

Si Udig geuwat nyokot kana sakuna, bari tuluy dibikeun.

Dua budak tingtaruruktuk nyaratuan kacang barang geus beak Kacang, si Kumba tuluy nyokot cau tina sakuna sarta tuluy dipesek.

Ceuk si Udig, "Aing menta saeutik".

Si Kumba api-api teu ngadenge, tuluy cau teh dihuapkeun Kabeh.

Ceuk si Udig, "Tuh da kitu ari dipentaan teh sia mah koret, ari ka aing mah menta kacang".

Kumba, "Aeh! aeh! kumaha atuh da geus kahuapkeun".

Udig, "Keun bae montong, diutahkeun deui rujit, ngan ti ayeuna bae aing mah moal daek deui, reureujeungan jeung sia, kitu daek macok embung dipacok".

21. ELMU TUMBILA

Hartina : pribumi ngarugikeun semah.

Dion jadi tukang ngaput di lembur Dangdeur, unggal-unggal poe rabul jelema nu ngengken ngaput, tapi saha-saha nu daratang ka dinya sok dipentaan naon-naon.

Hiji poe datang Ujang Sarpa rek ngaput calana, pokna, "Dion, ieu pangaputkeun calana, tah piburuheunana 10 sen"

21