Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Teu lila datang pulisi, Kijan jeung Guna dirawat, barang datang ka Hakim, tuluy dipariksa.

Saur Hakim, "Kijan, naon sabab maneh neunggeul ka Unan?"

Kijan, "Sumuhun teu aya sabab, jisim kuring mah diajak ku jeu pun Guna".

Hakim, "Naha sia cara nu burung beunang diajak jahat, galagah kacaahan hayoh upas bawa ka bui."

Atawa :

Hiji poe aki Gareng diriung ku anak incuna, ceuk aki Gareng, "Barudak bareto aing geus ngahibat barang-barang ayeuna rek hibat papatah; dengekeun sarta hartikeun, lamun teu ngagugu tangtu maraneh cilaka".

Wangsul anak incuna, "Mangga-mangga".

Ceuk aki Gareng, "Barudak! Ulah sok nyiar galagah kacaahan; hartina: ulah daek diajak lampah goreng ku batur, tungtungna matak meunang kaduhung".

23. HERANG-HERANG KARI MATA, TEUAS-TEUAS

KARI BINCURANG.

Hartina : nu asal beunghar jadi malarat, malah aya nu kieu nyebutna cileuk-cileuk kari mata, teuas-teuas kari bincurang.

Yasib jelema beunghar kacida, gawena lain sarupa bae, nya eta tani, jual-beuli barang, miara sasatoan jeung ngajual beas ka mana mendi.

Unggal poe rame ka imahna, jelema nu daratang nyiar kabutuhna, jadi Yasib kaceluk ti mana-mana jelema beunghar rea pitulungna.

Dina hiji waktu Yasib gering payah, nepi ka teu bisa ngajalankeun kipayahna, ingon-ingonna teu kaurus.

Beuki lila beuki ruksak geringna, nepi ka babandaanana dijualan, tina ngingetkeun henteu aya nu ngurus, anak-anakna

23