laleutik keneh, sasatoanana dijualan, sawah kebon nya kitu.
Demi ladangna beak dipake monyah-monyah ku pamajikanana, dipake nyieun ubar jeung didahar.
Ayeuna Yasib jadi malarat, barangna ledis pisan. Sanggeus cageur oge geringna, hese nyiarna rejeki baris hakan pake anak bojona jeung manehna.
Ki Arsa dulur sabrayana Yasib, katatamuan sobatna, barang geus ngaropi, tuluy nanyakeun Yasib, pokna, "Ka mana ari Yasib teu katenjo-tenjo?"
Wangsulna Ki Arsa, "Taksiran kaula keur balangsiar".
Sobat, "Baruk balangsiar? Kapan jelema euweuh ka kurang?"
Arsa, "Enya nyiar pangabutuhna, bareto euweuh pangabutuh soteh sabot keur nanjung, ayeuna mah Yasib teh herang-herang Kari mata, teuas-teuas kari bincurang.
24. HEJO TIHANG
Hartina : jelema nu sok pipindahan, tara lila cicing, teu betah cicing dina hiji tempat, nurutkeun kaayaanana tihang imah nu anyar, lamun anyar keneh eta imah, atawa rupana awi nu dipake tihang imah, lolobana sok hejo, lila-lila sok koneng semu bodas, jadi tihang tadi hejo keneh, acan nepi kana koneng semu bodas tea, geus pindah, jalma kitu disebut hejo tihang (jelema manuk).
Ceuk Mento, "Asip! Jiping jadi tukang buah, tapi teu puguh imalina, minggu ieu sok kapanggih di Lengkong, minggu tukang di Citepus, bejana jelema teu resep dina hiji tempat.
Asip, "Heueuh bulan Mei tanggal 20 ku dewek Kapanggih di Cimahi, imahna deukeut panday, naha ari bulan Juni tanggal 3 kamari, geus aya di Ujungberung nyewa imah jagal".
Mento, "Heuheuh, atuh moal kaur boga banda, da ngan pi