pindahna bae, ceuk ema mah nu kitu teh disebutna jelema "hejo tihang".
25. HEURIN KU LETAH
Hartina : nu perlu diomongkeun teu kaduga ngabejakeun tina aya kasieun.
Sajim bubujang di Patinggi Ciasem, salawasna aya di Patinggi, ngan hariwang bae sabab alo juraganana ngaran Kartam, sok daek gampang kana banda, geus puguh barang nu gular-goler di luar, ‘sakalieun nu dina peti oge, lamun dununganana keur ka sawah, sok wani nyokot muka tina peti tea, ti peuting sok sering unggah ke leuit, nyokotan pare tuluy dijual.
Sajim beuki lila beuki risi bae, ari rek dibejakeun kadununganana, sieuneun diarah ku Kartam, sabab manehna jelema leng-lengan pisan.
Hiji mangsa Patinggi leungiteun benten perak patah tebu, geuwat ngumpulkeun bujang-bujangna sarta ditaranya, tapi weleh euweuh nu ngaku.
Geuwat Patinggi nitah mulisi ka nu sejen, ngan dua poe eta barang geus kapanggih ti ambu Sakem, ari ditanya ambu Sakem, bet beunang meuli ti Kartam, tilu keton, kajaba ti dinya, rea-rea deui ambu Sakem meulina barang ti Kartam, kayaning: geulang perak, sueng, kangkalung, jeung peuting-peuting sok ngajualan pare, bulan tukang mah Kartam geus ngajual domba jalu, ka dulurna ambu Sakem.
Eta barang-barang nu sakitu, barang Patinggi. Harita keneh Kartam disanggakeun ka Hakim, tuluy ku Hakim di hukum.
Sanggeus Kartam dibui, Patinggi ngomong ka Sajim, pokna, Sajim, paingan teuing barang aing meueus-meueus les, tayohnya eta bae dipalingan ku Kartam”’.
Sajim, "Sumuhun da jisim kuring oge terang, henteu unjukan soteh, saperkawis juragan ka Kartam teh kapernah putra,