kadua manehna sakitu gakangna jadi jisim kuring rek unjukan teh, heurin ku letah”.
26. HEURAS LETAH
Hartina: nu heuras ati omonganana sugal.
Ukra dipapatahan ku indungna, pokna, ’Ukra, tadi maneh nyarekan Si Tajir, meak-meakkeun, malah maneh pasea teh mapay ka puhu leungeun, eta ulah kitu henteu hade”.
Ukra, "Wah paduli teuing teu hade oge, da bongan budak teu beunang dititah".
Indungna, "Heueuh da lain titaheun maneh, teu daekeun mah ulah dipaksa".
Ukra, "Keun bae ema montong pipilueun, da masih kolot- na manglawankeun oge, moal burung dilawan tampiling bae masih indungna oge".
Indung, "Naha sia eta mawa maneh, ceuk kolot ulah, kudu diturutkeun".
Ukra, "Ah nahaayakolot rehe_ teuing, da aing mah henteu sieun ku bondoroyot si Tajir teh, henteu, keun ayeuna oge moal burung dibaledogan gogobrogna naha rek kumaha karepna, masih nepi ka kojor oge teu sieun, bari kawas ka barayana bae, aing mah masih teu diaku anak oge paduli teuing",
Indungna ngambek pokna, "Geus sia geura mantog ti dieu, bet teu beunang dielingan, si heuras letah".
27. HARIPEUT KU TEUTEUREUYEUN
Hartina : nu gancang narima henteu dipikir dipiahireunana.
Subuh-subuh Jaka kadatangan sobatna ti sejen lembur,
mawa domba bodas tilu, barang datang tuluy sobatna ngomong,