Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pokna, "Jaka ieu dewek mihape domba sakeudeung, top keur silaing hiji".

Wangsul Jaka, "Heug, tapi dewek mah hayang nu bikang". Sobat, "Top bae isuk nu dua ku dewek dicokot deui"; bari tuluy indit.

Pabeubeurang datang pulisi neangan domba, bet aya di Jaka, tuluy Jaka dirawat; barang datang ka Hakim, Jaka dipariksa ku Hakim, saurna, "Jaka, ti mana maneh meunang domba?"

Jaka, "Sumuhun pihape sobat jisim kuring, pun Darim".

Hakim, "Iraha?"

Jaka, "Tadi subuh-subuh".

Hakim, "Ka mana ayeunna si Darim?"

Jaka, "Duka da tadi oge ngan purat-perot bae indit deui; malah mere ka jisim kuring sahiji".

Hakim, "Naha ku maneh teu ditanya, domba ti mana cenah". Jaka, "Henteu".

Hakim, "Ti ayeuna maneh teu meunang pisah jeung pulisi, kudu milu neangan Si Darim, lamun teu kapanggih, tangtu maneh ka tempuhan buntut maung; da bongan haripeut ku teuteureuyeun",

28. HENTEU GEDAG BULU SALAMBAR

Hartina : teu sieun (teu risi) teu gimir saeutik-eutik acan.

Hiji poe Sarpa pasea jeung Baip, kabeneran datang Apeng tuluy dipisah.

Di imahna Baip ngecewis bae ngomong, yen rek ngarah ka Sarpa.

Isukna Kaman bebeja ka Sarpa, pokna, "Sarpa, silaing rek diarah ku Baip".

27