Wangsulna, "Keun bae sumawonna ku Baip sorangan, masih mawa batur oge, dewek mah teu gedag bulu salambar".
29. HADE GOGOG, HADE TAGOG
Hartina : hade pokna alus sikepna.
Dina poe Rebo Jirom datang ka Lurah, karepna rek mayar pajeg, barang datang pokna, "Ieu kula mayar pajeg Rp.2.—, tapi kurang keneh satalen, nya iraha bae bogana". Sanggeus nyerenkeun eta duit, Jirom gek diuk sila tutug hareupeun Lurah.
Carek Lurah, "Jirom, ari sia kawas urang sisi bae babasaan belengong, diuk culudur sila tutug, aing mah ngan manggih urang sisi nu sok kitu teh, geus ka ditu geura mantog, eta duit ku aing moal ditarima, sabab teu jejeg”.
Jirom indit tuluy nepungan bapana, pokna, ”Bapa heran ku Lurah, bet tungi sarta duit teu ditarima pedah teu jejeg, geuning si Arpin mah kurang sarupia ditampa”.
Bapana seuri bari ngomong, pokna, ”Barang jol ka Lurah, kumaha ceuk sia?”
Jirom, "Ceuk kula ieu kula mayar pajeg Rp.2.—, tapi kurang keneh satalen; bari tuluy kula diuk sila tutug”.
Bapa, “Atuh meureun bae ari kitu mah, atuh si Arpin mah ditarima soteh budakna perceka, omongna lemes, hade pokna, diukna mando, tangtu matak pikaresepeun anu dideuheusan, ari cara sia mah tangtu bae dipikangewa, kapan dina paribasa ose kudu hade gogog hade tagog nyaeta: hade pokna, hade sikepna”.
Atawa :
Ki Sarim budak rea nu resep, sabab budakna pikalucueun; lamun disaur ku menak, buru-buru ngadeuheus samemeh diuk dat nyembah, tuluy mando bari semu isin.
Lamun dipariksa, tuluy ngajawab ku basa lemes, sarta len-