ta sok ngider bae ngadu atawa lacur.
Waktu harita Dirja dibaeudan ku Nyi Isem.
Ceuk Dirja, "Ku naon sia Isem bet sejen budi, deuleu benerna awewe mah cicing bae, nyaho-nyaho dinaon, maneh mah supaya seubeuh nyatu hade pake bae".
Nyi Isem nembal, pokna, "Heueuh Dirja, ari anu laki-rabi mah lain kitu, atuh Kudu aya ingetan ka imah, ieu mah pamajikan teh dijieun bujang purah tunggu imah bae unggal-unggal peuting, jeung bieu ceuk maneh, awewe mah dapon seubeuh nyatu jeung hade pake, mana buktina, geuning kami nyatu ge elok-elok, pake geus 5 bulan samping hiji, baju hiji, teu karembong-karembong acan".
Dirja nyentak, pokna," Meugeus montong miwir kitu, ayeuna mah geura jor bae geura mantog ka bubuyut sia".
Nyi Isem, "Hade ayeuna kami serenkeun ka kolot kami, da bareto oge lain beunang nyokot ti jalan".
Dirja, "Nam! nam!"
Ti dinya bral arindit ka bapa Isem, barang datang Dirja ngomong, pokna, “Bapa! Ema! ieu kuring nyanggakeun tuang putra Nyi Isem, tina geus teu aya duriat".
Atawa : Bapa! ema! kaula tina geus rumbak suka beak betah, nyerenkeun tuang putra Nyi Isem getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, agamana drigamana ilang along margahinna, katinggang pangpung, dilebok maung, eta tanggungan bapa”.
32. INGGIS BATAN MAUT HINIS
Hartina: risi pisan.
Nyi Antirem geus tilu kali bogana anak, tapi di mana geus umur 4-5 taun sok paeh.