Dina hiji mangsa, manehna boga deui anak lalaki tur budak teh teuing ku matak lucu.
Barang umurna geus 6 taun, budak teh gering muriang.
Nyi Antirem dugdug-degdeg nyiar ubar, jeung pikirna geus puguh bae, sabab risi inget ka budak nu ti heula-heula.
Sanggeus tilu poe geringna cageur, ayeuna Nyi Antirem suka, tuluy nyalametkeun malah nanggap lais.
Lanceuk Nyi Antirem nu lalaki, lalajo bari nanya, pokna, ”Antirem, maneh hajat naon bet make nanggap lais?”
Wangsulna, ”Kang, kuring teh pakaulan si Ujang gering, ari ayeuna cageur, tah sakitu bae nu matak jadi suka bungah teh, satadina kuring teh samar kolesed, teu puguh pipikiran, sabab unggal boga anak, di mana geus gede, bro gering tuluy ajal, jadi pikir kuring risi kacida ceuk paribasa oge inggis batan maut hinis, nya eta sieun paeh deui”.
33. IWAK NANGTANG SUJEN
Hartina : wani nyorang kana picilakaeun, ari kajadian henteuna mah, urang teu bisa nyaho, ngan jelema kitu adatna sok wani nangtang atawa nyorang pibayaeun.
Kentom dibejaan ku sobatna, "Tom, poe ieu di lembur Sadang rame pisan nu ngadu hayam, tapi kade euy ulah ka dinya, sabab rek didatangan pulisi, sing saha nu datang ka dinya rek ngaradu, tangtu ditangkep".
Kentom, ”Enya bejana, wah keun bae pulisi mah, da dewek hayang nyaho, sarta boga hayam adukeuneun, ditangkep Oge teu sieun da meureun sarerea; cing hayang nyaho bae, wanieun pulisi nangkep jelema sakitu reana”.
Sobat, "Hih euy, ulah iwak nangtang sujen, nyaho-nyaho picilakeun dek disorang bae”.