Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

34. KAKEUREUT KU SIEUP, KATINDIH
KU KARI-KARI

Hartina : pantes keuna ku panyangka.

Ihung pagaweanana maling, malah geus remen dibuina, Dina hiji poe manehna ngaliwat ka buruan Nyi Tasmi, demi pasosore Nyi Tasmi rek ngalungkeun hayamna ka kolong, bet teu aya dua bikang, Nyi Tasmi heran sarta nyangkana hayamna dipaling ku sihung.

Harita keneh Nyi Tasmi, bebeja ka uana tua kampung, ngabejakeun hayamna leungit.

Ceuk tua kampung, "Nyai, kira-kirana ku saha dipalingna, atawa panyangka Nyai ka saha?”’

Nyi Tasmi, Eta mah moal saha deui ku si Ihung”.

Tua-tua, "Naha nangtukeun teuing ku si Ihung, naha katenjo kerewekna".

Tasmi, "Henteu ngan eta bae wuri-wuri (kari-kari) si Ihung ngaliwat, hayam kuring leungit".

Tua-tua, "Hih atuh ari kitu mah tacan puguh si Ihung nu malingna, si Ihung mah ngan ka keureut ku sieup, katindih ku kari-kari bae, pedah si eta tukang maling, ayeuna mah cig geura balik isuk urang teangan."

35. KEUR MEUJEUHNA HEJO LEMBOK,
RAMBAY CARITA

Hartina : keur meujeuhna lubak-libuk, euweuh ka kurang.

Nyi Sarci jelema tegep, di salembur Bojong mah ka asup bentangna.

Lila-lila lakian ka Ki Arsa, jelema beunghar di lembur eta keneh, ngajajar leuitna, balong jeung situna galede, imahna dicet,

32