meja, korsina aralus.
Sakumaha pamenta Nyi Sarci, diturut bae teu aya pisan nu dipungpang, kawantu Arsa beunghar, tina ladang lauk oge duitna geus rea pisan, lamun Ki Arsa nitah ka rahayatna atawa sobatna tara talangke deui, harita nitah, harita dilampahkeun, tina kabeh jelema-jelema pada resep pada sieun.
Geus sumawonna ku Ki Arsa jelema pada suka, sakalieun Nyi Sarci oge ana nitah ka jelema tara pisan talangke, tina sieun kabejakeun ka salakina, jeung resep dititah ku nu tegep.
Unggal poe Nyi Sarci jeung Ki Arsa ka pasar, meuli rupa-rupa papakean diiring-iring ku rahayatna.
Hiji waktu Nyi Sarci keur ngabedahkeun situ, disusulan ku bujangna, ngabejakeun Ki Arsa gugulingan bae nyeri angen, Nyi Sarci geugeuwatan muru salakina, barang datang enya awakna panas.
Sabisa-bisa Nyi Sarci ngubaran, tapi teu aya tulungna, kasakitna beuki maju bae, sanggeus 3 poe nepi ka ajalna maot.
Nyi Sarci ceurik dedengekan, sabab ngenes katinggal ku salakina.
Demi banda-bandana kawariskeun ka Nyi Sarci jeung ka dulurna bae.
Sanggeus kolot Nyi Sarci sok ngomong jeung Ambu Emi, pokna, "Eh Ambu Emi, kula mah teu petot-petot inget ka Ki Arsa, kumaha dideuleukeunana jelema-jelema teh wani ngagimbung, pada resep pada hayang dititah, da ku kula oge jelema teh aya gampang dititahna. Naha ari ayeuna aya hararese".
Ambu Emi, "Hih nyai meureun bae bareto mah da keur meujeuhna hejo lembok".
36. KUJANG DUA PANGADEKNA
Hartina : hiji jalan aya pangarah dua tilu rupa (perlu