Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kasambut sunat kalampahkeun.

Rd. Arpa butuheun pisan ku meja tulis, ari meuli teu boga duit, nganjuk teu wani, sieun euweuh nu mercaya, tuluy bae nyampeur sobatna ngaran Mas Daeng.

Ceuk Rd. Arpa, "Kang, cing kuring anteur ka pasar, keueung lamun euweuh batur, jeung kuring hayang disaksian rek nganteurkeun erloji ka tukang nyipuh".

Mas Daeng, "Sae, mangga atuh meungpeung isuk."

Ti dinya bral arindit ka tukang sipuh, ari enggeus, Rd. Arpa keukeuh hayang tuluy dianteur ka tukang meja, Mas Daeng nurut bae, ari geus datang ka tukang meja, Rd. Arpa ngaharewos ka Mas Daeng hayang ditanggung nganjuk meja.

Wangsulna, "Sae".

Barang geus jadi maksudna, tuluy balik, di jalan Mas Daeng ngomong, pokna, "Edas bae ieu mah jelema teh kujang dua pangadekna paingan keukeuh ngajak, da perlu kasambut sunat kalampahkeun".

37. KUDU BOGA SAKU DUA
(KUDU BOGA PIKIR KADUA LEUTIK)

Hartina : kudu boga pikir rangkepan.

Hiji poe Pa Tubi pasea jeung Pa Momod, rosa kacida, rek sili kadek, pitulung bae henteu ger, sabab kaburu manten dipisah ku Lurah sarta tuluy dihadekeun sakali sina pertobat.

Sanggeusna hade deui, Pa Tubi kacida asihna ka Pa Momod, di mana aya susukaan marak atawa nayub situ, Pa Momod sok diajak.

Dina hiji poe Pa Tubirek marak ka Cipicung, geuwat nitahan budakna ngajak Pa Momod, barang pa Momod nyahoeun, atoheun pisan tuluy bebeja ka pamajikanana, pokna, "Indung barudak, maneh moal milu, itu Pa Tubi ngajak marak?"

34