Wangsul pamajikanana, "Wah montong, anjeun mah bet teu boga pikir rangkepan, kapan anjeun entas pasea, najan sakumaha hadena Pa Tubi biheung teuing atina mah malang keneh ka anjeun, boa kitu soteh nyieun (nyiar) akal hayang nyilakakeun anjeun, kapan kudu boga saku dua, da geus kolot" (kudu boga pikir kadua leutik da geus kolot)".
Pa Momod, "Heueuh nya, tuluy ka hareup bari ngomong ka titahan, pokna, "Bejakeun ka Pa Tubi, teu ngiring kitu aya udur".
38. KEJO ASAK, ANGEUN DATANG
Hartina : nu kabeneran kana maksudna henteu ngalilakeun deui.
Hiji mangsa kira pukul 5 sore, si Kampeng leumpang ti lemburna (ti dayeuh) ka Pasiranjing neang uana gering, sarta geus diniatan rek mondok sapeuting.
Barang datang ka Pasiranjing, geus pukul 6 sarta uana geus cageur.
Harita keneh tuluy ngomong, pokna, "Ua sukur ari geus damang mah, mangke oge kuring pukul 8 rek balik ka deyuh". Ari geus pukul 8 si Kampeng henteu wanieun sorangan, sabab sieun dipegat bagong atawa kerud di jalan.
Sabot manehna keur mikir kitu, gero-gero bapa Salib ngageroan tatanggana ngaran Salijan, urang lembur eta, pokna, "Salijan! Salijan! hayu urang ka dayeuh tea, isuk mah moal kaburu".
Wangsul Salijan, "Hayu da kula oe geus dangdan".
Si Kampeng geuwat bae bebeja ka uana rek balik tea, meungpeung aya batur, da sorangan mah moal laju, sieun.
Ceuk uana bari seuri, "Heug atuh, eukeur mah boga niat balik ayeuna aya pibatureun, eta mah asup kana paribasa kejo asak angeun datang, hartina kabeneran henteu ngalilakeun deui"