Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

39. KATURUG KATUTUH

Hartina :nu keur cilaka kaemboh-emboh ku pikasusaheun.

Madrapi dina hiji peuting kabongkaran, mani ledis pisan barangna rawuh duitna, istu ngan dina saraket awakna bae nu tinggal teh.

Heuleut dua poe ti saentas kabongkaran, anakna nu panengah maot; manehna uyup-ayap neangan duit baris piwaragadeunana, tapi teu meunang, geuwat nitah nyokot munding nu dipihapekeun di uana, tapi teu datang sabab eta munding gering sahoseun.

Pamajikanana ceurik bari ngomong, pokna, "Naha aya milik kieu-kieu teuing, bet katurug katutuh, eukeur mah entas kabongkaran, turug-turug anak paeh".

40. KUDU NYAHO LAUTANANA
(KUDU NYAHO TATAMBANGANANA)

Hartina : kudu nyaho lilingeranana, kudu nganyahokeun adatna, kalakuanana, kangewana (karesepna).

Si Sarju bebeja ka bapana rek jadi panakawan di Juragan Demang, pokna, ”Bapa, kuring disaur ku Juragan, rek dianggo panakawan, tapi kumaha sieun teu kaanggo, da geus loba naker nu ditundung ku anjeunna saperti si Atip, ditundung, si Wijan nya kitu, malah si Japar mah kapan kungsi dibui.

Bapa, "Hih ujang lampahan bae heula, ngan saratna kudu dianyahokeun adatna kumaha karesepna, naon kangewana".

Upama juragan sok ngewa ka nu kumasep, atawa ka nu sok kotor, ka nu carahal-cirihil, maneh ulah kitu, nya kitu deui juragan sok resep ka nu getol, hudang subuh-subuh, eta ku maneh kudu dilampahkeun.

Kapan dina paribasa oge, kudu nyaho lautanana atawa tatambanganana".

36