Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

41. KA CAI JADI SALEUWI, KA DARAT
JADI SALOGAK

Hartina : layeut.

Nyi Supi, Nyi Alpi jeung Nyi Minah, sosobatan dalit pisan; lamun Nyi Supi ngajak Nyi Alpi jeung Nyi Minah ka pasar, tara nyebutkeun embung, nya kitu deui lamun rek marandi, kabeh pada suka. Sumawonna lamun kana susukaan, eta tilu barudak tara pisan pisah.

Hiji mangsa Ambu Alpi jeung Ambu Minah papanggih, ceuk Ambu Minah, "Aya Nyi Minah di ditu?"

Wangsulna, "Teu aya da pun anak oge teu aya; di ditu meureun di Nyi Supi, keun bae da moal ka mararana, eta mah tilu barudak istu ka cai jadi saleuwi ka darat jadi saalogak".

42. LAUK BURUK MILU MIJAH,
PIRITAN MILU ENDOGAN

Hartina: pipilueun ngomong ka nu lain layak, saperti dunungan keur sasauran, bujang nambalang milu ngomong.

Juragan Rangga angkat ka Juragan Demang, diiring ku hiji gandek ngaranna Ki Abdul. Barang sumping ka Juragan Demang, tuluy diaku bae saurna: "Ayi calik! bagea geus heubeul pisan teu tembong-tembong, kadieu geura boga beja".

Sanggeus munjung tuluy calik, malah Ki Abdul nyolondo bae amit munjung ka juragan Demang. Sanggeusna tuluy diuk.

Saur Juragan Demang, "Ayi, eta kuda nu hideung tea nu bareto diadukeun di Bogor, aya keneh?"

Wangsulna, "Sumuhun teu aya, parantos dijual ka urang Jogja".

Saur Demang, "Sabaraha dijualna?"

Rangga, "Ngan genep ratus".

37