Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Demang, "Ambu-ambu atuh nikel nya!"

Rangga, "Aya hibar, malah harita oge enggal bae nanggap pantun ku bawaning atoh".

Juragan Demang ngagakgak gumujeng, Abdul milu seuri bedas bari tuluy ngomong, pokna, ”Teu kinten bae sukana, malah abdi oge ngiring suka sareng emutan abdi mah lepat lain ka Jogja dijualna, asa ka tuan".

Rangga, "Eum eta maneh mah sok nyanyahoanan, kapan nu ka tuan mah si Bopong, kuda derap".

Abdul, "Aeh sumuhun! sumuhun!"

Demang, "Sabaraha si Bopong dikaluarkeunana?"

Rangga, "Sumuhun ngan f 350".

Abdul nambalang deui bae, pokna, "Asa saratus ringgit".

Rangga, "Eta sia mah sok pohoan, anu saratus ringgit mah si Duket, bari eta mah kuda belo keneh".

Abdul, "Sumuhun! sumuhun abdi lepat, ka saha dijualna asa ka urang Banjar?"

Demang, "Saha ai eta teh?"

Rangga, "Pun Abdul gandek jisim kuring bae", bari beureum lingsemeun.

Demang, "Naha atuh pipilueun nambalang ka dunungan, kurang pantes eta sia, nu kitu disebutna lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan, cicing bae montong pipilueun ngomong".

43. LUNGGUH TUTUT

Hartina : nu siga lungguh tapi jarambah.

Bapa Misal jeung ambu Impen, ngadaraweung di tepas ngaromongkeun anakna, ceuk ambu Impen, ”Kumaha petana anak kuring si Butun hayang sina asup ka sakola, dihantem oge

38