Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

olo weleh bae teu daekeun ari nenjo budakna mah geus cocog bae, sakitu lungguhna, tara daekeun nyanyabaan, beurang peuting ngulukutek di imah bae, kana gawe daek jeung rajin.”

Bapa Misal, "Atuh asup ka sakola mah eraeun da geus gede teuing, sarua bae jeung si Misal, geura mun dipasantrenkeun mah, jeung tadi si Butun budak lungguh ceuk anjeun, eta bohong, sabab unggal-unggal peuting oge sok ngablu bae jeung si Misal lalajo ronggeng, di mana aya tatanggapan di dinya manehna aya, malah mangkukna basa lalajo ka Sirap, lalakon tilu pal ti dieu, neunggeul si Misal datang ka geuneuk, ari dosana si Misal ngan ngajak balik bae, tuh ayeuna oge geura aya keneh tapakna; ari ceuk anjeun majar budak lungguh; lain, eta mah lungguh tutut".

44. LEUWI JERO BEUNANG DITEULEUMAN,
HATE JELEMA DEET HENTEU KAKOBET
(GIRI LUNGSI TANPA INGAN)

Hartina : teu beunang diduga (dikira) hade atawa goreng.

Si Paen budak bangor, mindeng pisan ku guruna disiksa, sabab di sakolana tara beunang dicarek cekcok sarta sok seuseurian, lamun baturna keur ngapalkeun, sok hantem bae digoda, tapi lamun nimu barang naon-naon sok geuwat disanggakeun ka guruna, kitu deui lamun nenjo barang baturna kotor atawa soek, ku manehna geuwat dipangberesihankeun atawa manggantikeun ngomean nu ruksak tea, lamun manggih batur cilaka labuh atawa naon bae, sok geuwat ditulungan.

Baturna sakola ngaran Irsadi, budak cicing sarta ceceremed, lamun manggih barang batur sok geuwat disumputkeun, atawa lamun manggih barang batur nu beresih, sok geuwat dikotoran atawa disoekkeun.

Hiji mangsa baturna leungiteun rante emas, diteangan weleh henteu kapanggih, guruna jeung batur-baturna geus nyangka ka

39