Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ieu geura rekes, menta jadi Jurutulis Wadana kota, hanas bisi aya pamariksa nu ti payun, tangtu ku urang ditanggung.

Kabeneran keur waktu nampa surat, dununganana keur ngaronda, atuh geuwat bae harita nyieun rekes, sarta tuluy dikirim keun ka dayeuh, ari surat ti juragan Wadana kota disimpen, tembongkeuneun ka dununganana.

Puguh oge Rd. Raksa keur nyiar akal hayang jadi maksudna, nya eta hayang rekes, ari ayeuna aya nu miwarang, turug-turug nu baris nanggung pijadieunana; jadi Rd. Raksa asup kana paribasa mobok manggih gorowong.

Atawa :

Hiji pacalang udar-ider neangan nu maling erloji emas, geus sababaraha poe teu acan hasil.

Pareng dina hiji poe, manehna ngopi di warung, sabot ngopi, ngong aya nu ngomong ka tukang warung, pokna, "Leuh si Tahir keur ngosok erloji emas aya alus, naha ti mana nya".

Tukang warung, "Dimana? boa beunang maling".

Ceuk nu ditanya, "Tah di imah eta bari ditunjuk".

Pacalang gancang neang ka eta imah barang ditenjo, tetela erloji nu diteangan tea, tuluy si Tahir ditangkep.

Jadi eta Pacalang kaasup kana paribasa mobok manggih gorowong.

46. MOPO MEMEH NANGGUNG
(NGEOK MEMEH DIPACOK)

Hartina : teu sanggup samemeh dilampahan.

Nyi Enem tileuleutik dipiara ku lanceukna, barang manehna geus lanjang, diomongan ku dulurna, pokna, "Enem maneh da geus gede, cing geura boga gawe, tah di toko beusi aya nu nyiar pibabueun, ari bayaranana dina sabulan, sapuluh rupia".

Enem, "Lah duka eteh, da eta bejana nyonyana gakang

41