pisan, kitu deui lamun nitah janari tengah peting teh kudu bae indit, malah lamun urang aya kasalahan, sok tuluy bae ditundung, tara meunang bayaran; kuring mah alim sieun kitu."
Ceuk dulurna, "Hih nyai, eta mah hayang nyaho bae montong sieun ku beja, maneh mah mopo memeh nanggung; ngeok memeh dipacok".
47. MANGPENGKEUN KUYA KA LEUWI
Hartina : nudititah ka lembur asalna, atawa ka imahna, kari-kari ngalelep teu balik deui.
Udun urang Banjar, ngumbara ka Bandung, bu-bujang di haji Asdik, tina temen wekelna digawe dipercaya, sina ngiderkeun barang dagangan, bisa pisan dagangna.
Dina hiji poe haji Asdik ngomong, pokna, "Udun, cing maneh dagang ka Banjar, mawa barang sing loba ti dieu, dina sabulan, sakali maneh kudu datang lapor duitna ka dieu".
Jawabna, "Mangga sing seueur bae sareng barangna nu sarae."
Ti dinya bral Udun indit ka Banjar, sanggeus sabulan diarep-arep bet euweuh bae, kadua bulanna oge henteu datang, barang geus meunang salapan bulan teu datang keneh bae.
Haji Asdik ngomong ka pamajikanana, pokna, "Nyai, naha Udun geus salapan bulan acan datang keneh bae, disuratan oge euweuh walonanana".
Wangsul pamajikanana, "Meureun bae da akang mah mangpengkeun kuya ka leuwi, nya moal burung ngalelep".
48. MALIKKEUN PANGALI
Hartina : nu diserenan kaperluanana migawe, tapi nem-{{rh|42||}