puhkeun ka nu nyerenkeun.
Ayum boga anak hiji lalaki, ti leleutik eta budak dipiara ku ninina.
Barang geus usum disunatan, tuluy diserenkeun ka Ayum, pokna, ”Ayum , tah budak geus gede, geus meujeuhna diberesihan, mangke ari geus salamet geura sakolakeun”.
Ayum, ”Ema sadaya-daya kuring teu bisa narima, sumawonna ngaberesihan sareng nyakolakeun, sakalieun nampa oge teu bisa, da puguh kuring batan sakieu nya karipuhan, eta mah kumaha ema bae”.
Indung, "Eta maneh mah bet malikkeun pangali, atuh keun bae da ema bubuhanana”.
49. MERE LANGGIR KALIEUN
Hartina : mere nu tacan tangtu meunang henteuna, kadang-kadang temahna meunang ka teu ngeunah.
Parta ngomong ka Dira, pokna, ”Emang, manawi aya pasihan, cing kuring nyuhunkeun totopong, paranti ka masigit”.
Dira, ”Teu boga! aeh boga di si Main, bareto manehna nginjeum, nepi ka ayeuna tacan mulangkeun, cig penta, ari geus beunang top jang silaing”.
Parta, ”Di mana imahna?”
Dira, ”Nyao teuing, da dewek oge teunyaho imahna mah”. Parta, ”Iraha nginjeumna?”’
Dira, ”Geus rada heubeul”.
Parta, ”Hih emang mah teu puguh, atuh puguh-puguh imahna, kuring bisa neang heubeul-heubeul oge, ieu mah ari rajeun teh dipentaan, mere langgir kalieun” bari tuluy indit.